
Bisi aya elmu kasungkur-sungkur, pangabisa nu can ka talaah, ajian nu
kasingkir-singkir, geura taluktik ti kiwari, geura kotektak ti ayeuna.
Sanajan urang paanggang, hate mah paanjang-anjang. Sanajan urang
papisah, kanu maha kawasa mah urang sumerah kudu ibadah.
Miindung ka waktu, mibapa ka zaman, niti wanci nu mustari, ninggal mangsa nu sampurna, kahirupan di dunya taya lian keur taqwa.
Inditna ulah ngagidig, nyokotna ulah ngaleos, mawana ulah ngalengkah. Meredih tina ati, menta tina manah. Menekung kanu Maha Agung, muja brata kanu Maha Kawasa.
Hirup katungkul ku umur, paeh teu apal dimangsa, numatak rinik-rinik kulit harti, cicing harti ngawincik diri, mun nyaah kana raga sing nyaho kana dasar agama.
Jalma nu iman ka Pangeran, dimana datang bala sobar, datang untung
sukur
Nyaur kudu diukur, nyabda kudu di unggang. Hirup di alam dunya sembaheun anging Gusti nu kagungan urang sadaya, nu ngajadikeun bumi, langit, sawarga, naraka jeung sagala eusina
Ngaji jeung ngejo kudu saimbang, Ngejo parab awak, Ngaji parab ahlak. Ngejo te ngaji pasti sasar. Ngaji te ngejo pasti lapar. Teu ngaji te ngejo pasti modar. Jadi tong ngeluh ku karipuh, Tong asa ka kateuluh ku kaayaan anu ngaluluh. Pasrah kanu kawasa, ngaku salah menta pitunjuk arah ameh teu salah lengkah!

Pepeling Sunda Keur Kahirupan
Niti wanci nu mustari, ninggal mangsa nu sampurna, kahirupan di dunya taya lian keur taqwa.
Hate nu Kalingkung ku wawangunan, kalingker ku papageran. Miindung ka waktu, mibapa ka zaman!
Ulah taluk pedah jauh, tong hoream pedah anggang, tong cicing pedah tebih jauh kudu dijugjug, anggang kudu diteang, tebih kudu di sungsi.
Alam nirwana, alam asal, poe panjang, Nagara tunjung sampurna, nu baheula ka alaman, ngan kahalangan ku poho, sabab poe kamari lain poe ayeuna.
Kudu mampu tungkul kanu jukut, ulah tanggah ka sadapan, sing awas kana tincakan.
Ratu tara ngahukum, raja tara nyiksa, melak cabe jadi cabe, melak bonteng jadi bonteng, melak hade jadi hade, melak goreng jadi goreng.
Jeung dulur mah Jauh silih tepungan, anggang silih teangan, gering silih ubaran, paeh silih lasanan, salah silih benerkeun, poekeun silih caangan, mun poho silih bejaan.
Hirup kudu sauyunan, mun cai jadi saleuwi, ka darat jadi salogak. Sapapait samamanis, sabagja satanggung jawab, sareuneuh saigel.
Sing bisa nilik kana diri, bisa ngukur kana kujur. Elmu teh bakal ngancik tinu nyaring, bakal cicing dinu eling.
Tunggul tong dirurud, catang tong dirumpak, hirup katungkul ku umur, paeh teu nyaho dimangsa. Sing inget kana purwadaksi, purwa wiwitan, daksi wekasan.
Cikaracak ninggang batu, laun-laun jadi legok. Leukeunan ngeunaan hiji hal, da sagalana oge bisa ku lantaran geus biasa